SISISNDIRAN
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti
omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta,
dina sastra Sunda
anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan
basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu
dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger
ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah
padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana
wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara
ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar