Sisindiran; Kumpulan Paparikan Silihasih
Di handap ieu mangrupa conto-conto Paparikan
(salahsahiji wangun Sisindiran) anu watekna silihasih atawa birahi, eusina loba
ngedalkeun sual perasaan, pangpangna dina urusan duriat atawa cinta. Aya rasa
kanyaah, kadeudeuh, kaasih, kahéman, kasono, kamelang, kahariwang, kakelar,
katugenah, longkéwang, ringrang, tagiwur, kuciwa, hanjelu, keuheul, handeueul,
kanyeri, kapeurih, lara, wirang…[Sok tambahan ku sorangan!].
Ieu conto-conto Paparikan téh lolobana geus dipikawanoh
ku sabagian gedé urang Sunda; Mindeng dipaké dina kahirupan sapopoé, boh dina
paguneman, dina biantara-biantara, dina kawih atawa lagu. Anapon anu dimaksud
Paparikan, bisa diilo dina ieu tulisan.
Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina Aya istri jangkung alit éndahna kabina-bina
Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi Nu hideung matak teu nangan sing émut ka diri abdi
Baju soéh tatambalan
kaput gedé jarumatna Daék sotéh ngawulaan lamun hadé rumawatna
Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur Ari bogoh ti baréto terang-terang geus ku batur
Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana Itu purun ieu daék sarua bogoheunana
Béak daun béak randu
unggal poé dibikeunan Béak taun béak windu moal weleh dileukeunan
Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun Nya bogoh ulah ka semah ari balik sok leungiteun
Bubuy bulan sangray béntang
panonpoé disasaté unggal bulan abdi téang unggal poé ogé hadé
Carulang dipahpal kuda
héjo deui héjo deui Rék mulang samar kaduga nénjo deui nénjo deui
Cau ambon dikorangan
kanyéré ka pipir-pipir Lalaki ambon sorangan awéwé teu mikir-mikir
Cukleuk leuweung cukleuk lamping
jauh ka sintung kalapa Lieuk deungeun lieuk lain jauh ka indung ka bapa
Deungkleung déngdék deungkleung déngdék
buah kopi raranggeuyan Ingkeun ieu anu déwék ulah pati diheureuyan
És lilin buatan Bandung
dicandak ka Cipaganti abdi isin bararingung sok inggis henteu ngajadi
Itikurih Béntang Sinar
maén di lapang Cicéndo Nyeri peurih kunu anyar matak henteu hayang nénjo
Itu saha nungtun munding
digantélan saputangan Itu saha ginding teuing singhoréng geuning jungjunan
Jeruk lemo jeruk butun
diteundeun di ruyuk kaso Tilam sono ka nu ngantun sampeureun isuk pagéto
Kamana ngaitkeun kincir
ka kalér katojo bulan Kamana ngaitkeun pikir moal palér ku sabulan
Kapinis ulah disumpit
tangkal muncang ngarangrangan Ieu nulis badé pamit duakeun ti kaanggangan
Karinding palapah kawung
ditiup ku nu paranti Nu ginding ulah mangpaung sing émut ka diri abdi
Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan Sono mondok sono nganjang sono patepang di jalan |
Kembang goyang jeung érmawar
pacampur jeung kacapiring Hariwang réa kakelar tagiwur teu genah cicing
Lampuyang nu cocongoan
bawaeun ka Rajagaluh Ku hayang nya sosonoan isuk mah urang pajauh
Leuleupeutan leuleuweungan
ngarah kékéjoanana Deudeukeutan reureujeungan ngarah téténjoanana
Majar manéh nganyam samak
neukteukan bari motongan Majar manéh néang anak ngadeukeutan popotongan
Meuncit meri dina rakit
boboko wadah bakatul Lain nyeri ku panyakit kabogoh direbut batur
Ngala antanan ka jami
cau emas tengah huma Kahayang ulah rék lami geura unjukan ka Ama
Ngalantung mulungan tanjung
bari metik nagasari baringung pikir mangpaung ati ceurik jeung rarisi
Ngaput baju kurang benang
gantian ku kantéh baé Mun panuju geura téang kuring mah rék daék baé
Ngimpi ngajul kembang tanjung
ngimpi ngala nagasari Ngimpi tepung jeung nu jangkung tara-tara ti sasari
Pileuleuyan cangkang béas
huut sajeroning kéjo Pileuleuyan urang ikhlas imut sajeroning nénjo
Pileuleuyan daun pulus
kararas daun katimpang Pileuleuyan ulah tulus masing ras ka nu di tukang
Pucuk tiwu akar bangban
amis mata disusukan Mun rék milu geuwat dangdan cimata geura susutan
Rayagung tanggal sapuluh
kasungka reujeung maléla Abdi burung mun teu tulus kasuka da ti baheula
Reundeu beureum reundeu hideung
reundeu kayas solempangan Beuki heubeul beuki nineung beuki lawas kaédanan
Rincik-rincik hujan leutik
paralak hujan tambaga Nilik-nilik mojang leutik teu terang aya nu boga
Samping hideung dina bilik
kumaha nuhurkeunana Abdi nineung ka nu balik kumaha nuturkeunana
Saninten buah saninten
dibantun ka parapatan Hapunten abdi hapunten tangtos seueur kalepatan
Sayang kaak diarengan
diasupkeun kana peti Hayang angkat sasarengan bati gegetun nya ati
Talingtung talina benang
mobil beureum diguratan Satungtung teu acan beunang moal eureun disuratan |